“Kadé ulah poho balik. Tong siga indung hidep dalapan welas taun taya iber. Cenah rék nyenangkeun anak, buktina kalah nyangsarakeun.”
“Muhun, Pa. Dua taun moal pendak panginten. Mugia abdi tiasa tepang sareng Mamah di ditu.”
“Didungakeun, sing manggih kabagjaan. Laksana sapaneja.”
“Aamiin … Bapa sing séhat, panjang yuswa, urang tiasa tepang deui.”
Sabulan datang surat, méré iber yén manéhna geus gawé. Ngan dunungan lalakina cunihin. Ménta didungakeun supaya salamet.
Pleng. Taya béjana deui. Sataun kalarung, anu datang téh peti jeung bajuna. Bapana siga nu malaweung, sanggeus ditinggalkeun ku nu jadi anakna.
Sabulan ti harita aya anu datang, hiji awéwé. Mang Karta, teu kasamaran tingal.
“Arèk naon balik? Mana anak urang, Ratih?”
“Duka, teu apal. Lain di dieu jeung Akang?”
Nu ditanya kalah malik nanya. Mang Karta, léos ka pangkéng teu lila ka luar.
Bruk! Koper hideung satengah dibeubeutkeun. Si Awéwé nu taya lian ti pamajikanana mata simeuteun.
Reuwaseun. Barang nempo koper, Ratih apal éta nu badégana. Nu tilar dihukum pancung alatan mergasa salakina.
“Mayaaang!”
*
Riyadh, 24 pebruari 2022
Ngeunaan nu mikmin;
Neng Gina anu jenengan aslina Emi Nurhayati, lahir di Cianjur bulan April 1979. Resep maca ti kawit SD. Resep nyerat ti Awal taun 2021. Padamelan Ibu rumah tangga sakaligus janten TKW di Saudi Arabia, nyaéta di Kota Riyadh.