NU IHLAS

- Penulis Berita

Selasa, 5 April 2022 - 21:08

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Yasana: Iis Firda Aulia

 

Haseup mulek, matak peurih kana panon. Di mana-mana nu ngageberan saté, balakécrakan suka bungah.
Ras ka manéh nu kamari amitan.
“Wayahna engké mah méakkeun soré téh moal bisa ‘na tonggong uing deui.”
“Naha? Moal diabur deui di tegalan nyah?”
“Lain, isukan mah apan rék ka sawarga…. ”
Emh, bagja. Jadi sato tunggangan di sawarga.
Geleber ngajauhan. Néangan pangeunteupan nu hawana hégar. Sabenerna mah ngalelerkeun haté nu manteng waé ka manéh.
Teup ‘na suhunan saung leutik di sisi lembur.
“Ma, lapar,” sora nu ngarenghik.
“Tungguan Bapa hidep, keudeung deui gé datang geura.”
“Ah mani lami, ti kamari teu mulih waé.”
Geleber ngadeukeutan jandela. Katempo budak awéwé salapan taunan keur ngusapan beuteungna. Indungna ukur ngaheruk.
Trok… Trok…. pamatuk ngahaja macokan kusén jandéla nu geus béak ku rinyuh.
Budak jeung indungna ngalieuk.
Geuwat muragkeun manéh.
“Maaa… aya manuk murag!”
“Alhamdulillah!”
Kadéngé nu lalumpatan ngadareukeutan.
Reup panon dipeureumkeun. Ihlas.
*

Grup FB Fikmin Basa Sunda, 24/7/2021

Biodata anu nulis:
Bu Guru nan super bageur anu ngawulang di SMK Bhakti Praja Purwakarta, kalahiran Purwakarta 25 Juli 1977. Anjeunna lebet janten anggota grup pésbuk FBS(Fikmin Basa Sunda) ti 8 Pébuari 2016. Tos nyerat ti ngawitan 2010. Carpon munggaran anjeunna, “Cinta jeung Satia” dimuat di majalah Sunda Manglé. Di FBS kantos kénging Piala Rucita salaku Penulis Script Naskah Adaptasi Terbaik ping 5 Desember 2018. Kantos Pinunjul ka-3 panulis réportaseu “FBS Sakentel Espresso”, 25 Mei 2018.

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9
Tag :

Berita Terkait

Rabu, 16 April 2025 - 10:05

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:54

Bupati Bandung: Pembangunan Fly Over Jalan Rancaekek-Majalaya Sudah Diusulkan ke Provinsi Jabar

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:49

Kang Ali Syakieb Tegaskan Peredaran dan Penyalahgunaan Narkoba Kejahatan Luar Biasa 

Berita Terbaru

BEJAKEUN

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 16 Apr 2025 - 10:05