Bagéan ka-2
Duséng balik ka imah indungna ukur mawa pakéan. Parabot imah seperti kulkas, lomari, korsi, kabéh eweuh anu dibawa.
“Assalamualaikum,” Duséng uluk salam bari blus asup.
“Waalaikum Salam,” kadéngé Bi Omoh nèmbalan ti dapur.
Saenggeus nunda pakéan ka kamar manéhna. Duseng nyampeurkeun indungna anu keur nyieun opak sampeu.
“Gening manéh, Sujang. Kumaha Nyi Yanti téh geus aya kabarna acan?” Bi Omoh nanya bari leungeunna mah teu cicing nyaitan opak tina langseng tuluy didaraykeun dina ayakan.
“Teu aya Ma, kalah mitoha anu datang nitah nyerahkeun Yanti.”
“Deuleu èta geura, boa buun mitoha manéhmah, Sujang. Baheula meni ngolo-ngolo ka bapa manéh supaya anakna dijodokeun ka manéh, da alus cenah repok wedalna, bakal bagja rumah tanggana, tapi kalah nitah diserahkeun ayeunamah nyah?” Bi Omoh ngomongna jiga anu ambek.
“Teu sawios lah, Ma. Matak kieu ogé sanés jodo panginten.” Duseng ngawalon bari ngasurkeun seuneu.
“Heueuh ngan asa keuheul wé Ema mah, geura dahar atuh, lapar mereun. Deungeunna mah néangan wé dina lomari, asa aya beuleum japuh sésa Ema tadi.”
“Sakedap deui, Ma, hayang ngagolér heula ayeuna mah.” ceuk Duséng bari ngaléos tuluy asup ka kamarna.
Di kamar, Duseng lain saré, bet kalah ngalamun kudu kumaha léngkah anu satuluyna. Manéhna inget boga babaturan gawé di kota kana bangunan, sugan aya lowongan arek milu gawé. Keun waé kana bangunan ogé daripada cicing di imah, ngariweuhkeun ka nu jadi Indung sakitu ngan kari sabeulah.
Kusiwel Duséng ngaluarkeun HP cinitnitna, tuluy nèangan nomer babaturanna, geus kapanggih laju ditelepon.
“Halo… hallo, assalamualaikum.”
“Waalaikum salam.” témbal nu di ditu.
“Cageur, Mad?” ceuk Duseng bari gék diuk dina luhur kasur.
“Alhamdulilah, samulihna atuh, Séng?”
“Cageur ari awak mah, ngan saku jeung hatè anu gering téh.” Duséng ngawalon bari seuri.
“Ah, panyakit umum saku mah, aya naon atuh tara-tara nelepon?” ceuk babaturan Duséng anu ngaranna Ahmad.
“Kieu, euy. Sugan aya pagawèan Kuring hayang milu.”
“Beu, piraku silaing hayang milu gawé dina bangunan, teu salah ieu téh? Mana teuing mitoha Énté ngambek, pajar wèh diajakan ku Kuring.”
“Panjang caritana. Engké ngalalakonna mah, pokona aya pigawéeun eweuh? Lamun aya engké soré Kuring kadinya.”
“Aya pigawéeun mah, hayu ari hayang milu mah, ngan nyaho sorangan mereun gawé dibangunan mah ripuh.”
“Eweuh anu senang gawé mah, ménta alamatna atuh, Kuring arèk ka dinya.”
“Lah, isukan wè bareng da kuring ogè eukeur di lembur nganteuran anak pamajikan, ari Enté di mana? Di mitoha atawa di imah ènté?”
“Di imah indung, engké soré atuh kuring kadinya ulin ari Enté aya di lembur mah.” ceuk Duséng atoh manéhna arék milu gawé.
“Heueuh atuh ka dieu. Urang ngopi! Didagoan nya!” Ahmad ngawalon.
“Siap, ké kadinya. Geus heula atuh nya, Assalamualaikum.”
“Waalaikum salam.”
Saenggeus teteleponan jeung sobatna. Duséng ka dapur arék dahar, geus ngalas tuluy nyampeurkeun indungna anu masih kénéh hareupeun hawu, bari dahar Duséng bèbéja arek milu gawé jeung Ahmad. Bi Omoh teu bisa nyarék da teu boga pikeun nyarékna, ngajurungkeun henteu deuih kumaha karep wè pajarkeun téh.
Isukna Duséng indit jeung Ahmad ka Jakarta. Teu loba anu bisa dicaturkeun sapanjang perjalanan maranéhna. Bubuhan patalimarga kaitung lancar, Duséng jeung Ahmad kalah leuwih loba saré. Sanggeus nepi ka tujuan, maranéhna langsung muru ka kontrakan Ahmad. Béja ceuk Ahmad mah poé isukan mending langsung waé ka proyék. Ngarah langsung dititah gawé, sabab dununganana keur ngabutuhkeun pagawé.
Yanti anu geus aya di nagri Arab, digawé di hiji kulawarga anu kaasup keluarga besar. Dununganana boga anak sapuluh bari acan aya anu rarabi hiji ogé. Untungna Yanti teu pati ripuh teuing gawéna da osok dibantuan ku anak dununganna anu geus parawan.
Meunang sataun Yanti rutin nelepon jeung ngiriman ka Duséng jang mayar hutang, sawaréh deui dikirimkeun ka kolotna bari Duséng mah teu nyahoeun.
Indung bapana Yanti asa kagenahan dikiriman ku nu jadi anak. Maranéhna boga pikiran komo lamun teu dikirimkeun sawaréh ka Duseng, duit téh mereun gedé. Hijo waktu maranéhna nelepon ka Yanti, bébéja yén Duseng kawin deui. Majar duit anu dikirim ku Yanti kalah dipaké kawin lain dipaké mayaran hutang. Atuh puguh wé Yanti ambek, tangka nyarita ka kolotna yén dirina mènta papisah ka Duseng.
Ti harita, Yanti tara nelepon ka Duséng, pimanaeun ngirim duit. Kabéh pengahsilanana dibikeun ka kolotna. Mitoha Duséng kacida bungaheun, beuki gumedé. Samalah indungna Yanti anu ngaranna Bi Karsih, ceuk ibu-ibu sosialita téa mah kawas toko emas berjalan. Kongkorong sababaraha hiji dibugbrugkeun dina beuheung, geulang-geulang mapay ampir nepi kana siku. Ramo euweuh kosong, pinuh ku ali. Malah sukuna ogé maké génggé sagala, lamun leumpang disada kikirincingan. Rék teu kitu kumaha unggal Yanti ngirim pasti meuli emas. Kitu deui bapana, Pa Ubad, geus tara ka sawah. Hayang nanaon kacumponan. Kawas pagawé atawa pangsiunan, unggal bulan meunang kiriman gajih ti Yanti.
***
Hanca