Kacaritakeun baheula waktu Majalaya can sarame ayeuna, Mang Dodoy tukang sado nu biasa mangkal di Pasar Baru Majalaya rek balik ka imahna nu aya di Bojongbeucik. Kusabab waktu harita sareupna sakeudeung deui wanci magrib, Mang Dodoy kapaksa balik sorangan teu bari mawa panumpang. Di tengah jalan lebah Rumah Sakit Ebah, harita mah can sarame ayena jeung bangunanna oge can saagreng ayeuna, Mang Dodoy ninggali aya awewe keur ngajanteng di sisi jalan pas hareupeun pisan rumah sakit. Mang Dodoy ngeureunken sadona tuluy nanya ka eta awewe nu keur ngajanteng. “Neng bade kamana, uih?” tanya Mang Dodoy. “Bade uih, mang” tembal eta awewe. “Hayu atuh urang sareng kabeneran amang ge rek balik,” ajak Mang Dodoy.
Salila di jalan eta awewe teu lemes teu nyarek ngan saukur tungkul dina sado Mang Dodoy. Teu lila, palebah pengkolan ka Makam Pongporang, eta awewe nepak tonggong Mang Dodoy bari ngasongken duit lima rebu. Duit lima rebu jaman harita kaasup duit kertas nu pang gedena. Da eta ongkos sado oge ngan ukur lima ratus perak. “Duh, teu aya angsulna atuh neng,” ceuk Mang Dodoy waktu narima duit. Awewe tadi teu ngomong teu naon langsung ngaleos teu kaciri kamana inditna.
Teu lila saeungeus awewe tadi leungit, Mang Dodoy bakat ku atoh buru-buru ninggali deui eta duit. Barang ninggali eta duit, Mang Dodoy lain katinggali bungah tapi kalahkah reuwas semu nu ambek. Duit lima rebu robah jadi kalakay. “Dasar jurig,” ceuk Mang Dodoy ngupat bari ngabalangkeun kalakay dina leungenna ka lebah awewe tadi ngaleos. Torojol teh awewe tadi tina rungkun leumpang ngalayang nyamperkeun Sado Mang Dodoy bari nyikikik, terus ngomong “dari pada amang tukang sado!”