SAJAK SUNDA

- Penulis Berita

Selasa, 19 April 2022 - 00:09

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

CATETAN MÉMÉH BALIK

(Tatang Sumarsono)

keur dicatet-catetkeun
sakur nu kudu ditedunan
bisi isuk atawa minggu hareup
nohonan panyaur aya nu nyampeur

taureun ka koperasi opat bulan deui
ka warung Entur urut ududeun
jangji nyumbang ka masigit
BPJS nu remen ditagih

kudu dicumponan heula
pan matak jadi kabeungbeurat
anak-minantu katempuhan mayar
mun tacan lunas bisi taya nu nyalatan

méméh mulang sabab tepi kana subaya
nya hayang hampang-himping heula
hampura ka sakur dulur-baraya
rumasa kuring loba dosa

hanas loba nu amis jangji
taya bukti da parohoeun deui
atawa dipopohokeun da geus jaradi
ah rék dianggap bérés, cukup ku inna lillahi

***

TATANG SUMARSONO. Dilahirkeun di Tasikmalaya, tanggal 25 Januari 1956. Alumni SDN 5 Galunggung, Tasikmalaya, taun 1968. Kungsi sakola di SMPN 3, SMEAN (teu tamat), jeung SMAN 2, di Tasikmalaya. Neruskeun kuliah ka IKIP Bandung, Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda (lulus 1982, di-black list ku pamaréntah, alatan jadi bagian tina démo mahasiswa 1977/1978 anu ngoréksi Ordeu Baru).
Pacabakanana anu utama jadi wartawan, ti taun 1975. Boh di Bandung boh di Jakarta. Ayeuna cekel gawé jadi anggota rédaksi Manglé, jeung jadi Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas. Lian ti éta jadi fotografer deuih. Kungsi ngadosénan di FISIP jeung di Fakultas Hukum Unpas. Taun ieu, dihiap pikeun jadi tanaga ahli di Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.
Karangan jeung karya fotona nyebar dina rupa-rupa média. Naskahna anu geus medal jadi buku aya 66 judul (ngawengku fiksi, biografi, pangajaran, jeung pedaran umum lianna).
Kungsi dilélér Hadiah Jurnalistik pikeun karya fotona, taun 1984). Kungsi dilélér Hadiah Sastra Rancagé (1993 jeung 2002), Hadiah Sastra Samsudi, Hadiah Sastra LBSS, jeung Hadiah Sastra DK Ardiwinata,
Dina widang organisasi, Tatang digedékeun di Pelajar Islam Indonesia (PII). Lian ti éta, jadi anggota PWI, Paguron Silat Mandéraga, jeung Paguyuban Pasundan. Kiwari jadi pangurus Persatuan Olahraga Berkuda Seluruh Indonesia (Pordasi) Jawa Barat. Karesepna moro jeung naék gunung.

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 4 Juni 2025 - 11:48

Warga Desa Cisaranten Cianjur Ucapkan Terima Kasih Kepada KDM

Rabu, 21 Mei 2025 - 11:44

Miris, Maman Dan Keluarga Harus Bertahan di Rumah yang Nyaris Ambruk

Senin, 19 Mei 2025 - 08:54

Bupati Dadang Supriatna Tinjau Lokasi Bencana Longsor di Desa Nagreg Kendan Kabupaten Bandung

Sabtu, 3 Mei 2025 - 21:31

Desa Bojongkunci Melaksanakan Musyawarah Desa Khusus Tentang Penataan Desa

Rabu, 23 April 2025 - 03:44

Desa Indragiri Gelar Peningkatan Kapasitas Kader Posyandu RW dan Bunda Literasi RW

Senin, 21 April 2025 - 09:32

HUT Kab Bandung ke-384, Kecamatan Rancabali Jadikan Bandung Bedas Nyaah Ka Indung Program Unggulan

Rabu, 16 April 2025 - 10:05

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Selasa, 25 Maret 2025 - 21:05

H.Asep Syamsudin S,Ag Sosialisasikan Peraturan Daerah sekaligus Memberikan Santunan Kepada Puluhan Anak Yatim Piatu dan Lansia

Berita Terbaru

SOSIAL POLITIK

PELANTIKAN DAN PENGUKUHAN DPD ABPEDNAS PROVINSI JAWA BARAT

Kamis, 19 Jun 2025 - 03:27

Camat Majalaya Hadiri Undangan Ke SMK LPPM RI

PENDIDIKAN

Begini Pesan Camat Majalaya Buat Anak SMK

Selasa, 3 Jun 2025 - 04:44