KARAJAAN AMPLOP

- Penulis Berita

Minggu, 8 Mei 2022 - 22:29

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

 

Alun-alun pinuh ku jalma. Kabéh ngalagar pakarang. Sabedogna-sabedogna. Bandéra perang ngélébét. Ngaguruh. Sora-sora nu ngancam.

“Tuar, tuar!”
Nu rék bajoang ngaleut. Tatabeuhan. Eundeur, ngageder.
“Podaran! Podaran, tuman!”
Cenah bongan aya abdi dalem kumawani. Ngahina salah sahiji anak nagari. Rahayat bijil sihungna. Teu narima dicacampah. Ngagurat bumi kedal sumpah.
Brul ti kidul, jol ti kalér. Ti kulon jeung wétan ogé daratang. Ngajorag puseur dayeuh. Istana pada malédogan, “Turun! Turun siah!”
Karajaan ngadadak geunjleung. Simpay ampir rék pegat, tatapakan kaoyag-oyag.
Kadéséh, ponggawa nyingkah, prajurit nyarisi. Sebér ku tanaga rahayat. Rosa lain lawaneun, butuh taktik pulitik.
Di paséban. Raja kalih Patih ngahiul. Bingung laku ngayonan nu bendu. Laju rerencepan gempungan. Disaksian para abdi dalem. Bababalagempagan néangan cara. Sangkan nu amarah teu motah. Répéh rapih sasarina.
Raja ogé ngangkir Mantri, nu kamari nyieun pucuk ti girang. Kacalétot omong nandangan wirang. Akibatna hareupeun mata. Nu démo ti mamana.
Ki Patih méré kamandang, sangkan Raja ngabagikeun amplop. Mantri gancang nyarita, dina podium ménta dihampura. Teu sakara-kara, nu récét répéh, sanggeus dijejelan récéh.
Raja, Patih, Mantri jeung baladna barungah. Nu sahéng téh tiis deui. Peutingna ngayakeun pésta. Tuak jeung anggur beureum dioplos saté bugang. Bau hangru sarohangan. Inumeun jeung opieun ngabarak dina méja kasarakahan. (*)

Bali, 03/02/22

 

Ngeunaan pangarang:

Muzahidin Noor, lahir di Ciamis, 07 Juli 1976. Diajar nulis jeung maca mah ti keur SD, mimiti resep nulis taun 2018. Sababaraha karyana kantos dimuat di médcét sareng online. Sapopoéna kuli di PT Prima Larvae Bali.

Akun FB/IG : Muzahidin Noor

 

 

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 16 April 2025 - 10:05

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:54

Bupati Bandung: Pembangunan Fly Over Jalan Rancaekek-Majalaya Sudah Diusulkan ke Provinsi Jabar

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:49

Kang Ali Syakieb Tegaskan Peredaran dan Penyalahgunaan Narkoba Kejahatan Luar Biasa 

Berita Terbaru

BEJAKEUN

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 16 Apr 2025 - 10:05