PAMALI Bagéan ka-4

- Penulis Berita

Jumat, 13 Mei 2022 - 06:26

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

 

Janari gedé pésta acan lekasan. Si Mamah ngajakan balik ka Yanti, geus teu kuat nyerieun suku. Ari anu nganteurkeun balik nyaéta supir, da nelepon ka Sultan ngomongna masih loba babaturanna anu moal bisa ditinggalkeun ku manéhna.
Nepi ka imah, Yanti langsung mencétan Si Mamah nepi ka sarèna. Geus katempo tibra mah Yanti kaluar tuluy naék ka tingkat tilu, muru kamarna.

Sanggeus ngonci panto kamar, manéhna kakarék cucul-cucul. Teu gagabah deui rék disalin da sieun siga tadi, Sultan teu kanyahoan ngadon asup ka kamarna. Manéhna ogé boga rasa, dina jero haténa mah bogoh. Ngan inget ceuk babaturanna anu geus ngalaman gawé di Arab, cenah bobogaan urang Arab mah nya gedé, nya panjang. Ti dinya Yanti bibirigidigan, ngabayangkeun lamun manéhna sapatemon jeung Sultan, moal teu jebol si nyaina.
Adan subuh, karék bubaran. Pangantén mah ti jam dualas geus naraèk ka kamar hotél, matak Sultan dipelak da euweuh anu narima tamu.
Sanepina ka imah Sultan henteu asup ka kamarna tapi kalah naék ka lantai tilu, ka kamar Yanti. Sanggeus nepi, gagang panto kamar lalaunan dipuihkeun. Deg, manéhna kacida hanjelu sabab panto pageuh teu bisa dibuka. Rék diketrok sieun kadéngé ku pangeusi imah anu séjénna. Komo pan adina mah bareng pisan balik jeung manèhna. Tangtuna bakal sarua can saré. Tungtungna mah manéhna ngaléos, laju turun ka kamarna.
Geus nepi ka kamarna, Sultan nelepon ka Yanti, ngan teu diangkat. Manéhna rada kukulutus, geus mah tadi gagal nepungan di kamar, ayeuna ditelepon sarua teu bisa. Kituna mah meureun da Yanti téh capé kacida, matak bakal langsung saré tibra. Sanajan bari rada kuciwa, ahirna Sultan ngagolédag, tibra.
Jam sapuluh beurang Yanti karék hudang, manéhna gura-giru turun bisi Si Mamah kaburu nyaring. Gagancangan ka dapur nyieun kopi jeung sarapan, da imah mah beresih jeung barérés, meunang peuting saméméh indit ka tempat pésta.
Keur anteng sarapan bari nungguan kopi asak, celengok aya anu nyium kana pipina, puguh wé Yanti ngagurubug.

“Naha peuting panto dikonci?” Sultan nanya  bari gék diuk hareupeun Yanti.
“Ngarah euweuh anu ngaganggu, sieun ku anjeun.”
“Sieun ku naon? Da moal nanaon kuring mah, hayang ngobrol wé jeung didinya.”
“Apan ngobrol mah unggal peuting osok, dina telepon.” Yanti ngawalon bari kukumbah urut bieu sarapan.
“Pokona mah hayang ngobrol langsung embung dina telepon.”
“Pan iyeu eukeur ngobrol,” ceuk Yanti bari seuri.
“Ah, teu seru.” ceuk Sultan bari ngaléos.
Yanti teu malirè deui manéha nuluykeun hanca pagawéanna.

Ti poé ka poè Sultan beuki kerep ngadeukeutan Yanti, tapi Yanti keukeuh embung sabab manéhna loba kasieun.
Kungsi nu sakali mah waktu istirahat saré beurang, Yanti gogoléran bari ngoprék HP, panto teu dikonci da rarasaan manéhna eweuh Sultan, sabab masih digawè, balikna sok magrib. Teu karasa, manéhna kasaréan. Bakat ku pules nepi ka teu inget nanaon. Nyaring sotéh dadana asa eungap. Barang bray beunta, manéhna rék hudang tapi teu bisa. Dina kaayaan satengah sadar, leungeunna ngopépang tapi kaburu dicekelan ku Sultan.

“Cicing! da kuring ogé moal maksa lamun manéh embung mah,”
“Awas …, kuring rék turun bisi Mamah néangan.” ceuk Yanti bari ngadégdég sieun.
“Euweuh Mamah mah. kabéh ogé arindit ka Nini, bieu ngadadak. Nini gering jadi kabéh narempo, di imah ukur aya kuring jeung anjeun.” ceuk Sultan bari biwirna nyiuman Yanti.

Satékah Polah Yanti ngalawan, tapi sabedasna ogé tanaga awéwé, éléh ku tanaga lalaki anu eukeur napsu.
Yanti terus dirayu bari digaléntoran, ahirna manéhna pasrah, jaba manéhna ogé da dina haténa mah sarua. Kangaranan meuntas ti dua taun teu manggih pangrungrum ti lalaki.

“Manéh kudu tanggung jawab lamun kuring reuneuh.” ceuk Yanti, haroshos.
“Tenang. Tong sieun, kuring arék tanggung jawab, kuring bogoh ka anjeun. Anjeun téh geulis, kuring bogoh pisan.” ceuk Sultan bari ngopépang deui. Dua insan anu geus lila ngadago-dago datangna kasempetan siga kieu, sugema ngabedahkeun kahayangna.
“Nuhun, Yanti, ti semet ayeuna kuring bakal beuki nyaah ka anjeun.” ceuk Sultan bari memener pakéanana.
“Enyaan, anjeun kuat tilu babak, Sultan.” Yanti imut, tuluy mérésan tempat saréna.

HP Yanti disada, horéng Si Mamah nelepon, ngabéjaan yén bakal balik peuting, Yanti teu kuduan nungguan, malah ngaempékeun bisi arék saré tiheula. Puguh wé Yanti ngarasa bungah, awakna asa lungsé digempur ku parabot anu kawilang badag nepi ka tilu rintakan.

“Arèk naon, Mamah?” Sultan nanya bari nangkeup Yanti.
“Bébéja wungkul, paling balik ogé peuting cenah.”
“Oh, alus atuh. Méh urang bisa sosonoan terus.” ceuk Sultan bari mapay beuheung Yanti tapi ku Yanti diképéskeun.
“Geus ah, capé.”

Duanana saré tibra, hudang sotéh jam salapan peuting, beuteung Yanti karasa lapar. Yanti turun tina ranjangna muru ka cai brus mandi, geus bérès tuluy kaluar. Ukur disasamping anduk, Yanti ngahudangkeun  Sultan cena turun bisi kaburu datang indungna, tapi Sultan teu ngawaro kalah ménta anu siga tadi beurang. Yanti teu nolak. Geus kitu mah duanana mandi babarengan. Sanggeus mandi, Sultan ngomong ka Yanti ulah nyieun dahareun, rék pesen waé, ké bakal dianteuran imah. Yanti bungah pisan, keur mah awakna karasa lungsé pisan sanggeus ngaladénan kahayang Sultan.
***

(hanca)

 

 

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Jumat, 17 Januari 2025 - 03:00

*Realisasi Investasi Kabupaten Bandung 2024 Lampaui Target Hingga Mencapai 116%*

Jumat, 17 Januari 2025 - 02:54

*IPS Capai 2,64 Poin, Bupati Bandung Terima Penghargaan Badan Pusat Statistik*

Jumat, 10 Januari 2025 - 00:16

Pemdes Se-Kecamatan Rancabali Teken MoU dengan PCNU Terkait Asistensi Pengurusan Program TORA dan KHDPK

Kamis, 9 Januari 2025 - 13:05

Bupati Akan Beri BPJS Ketenagakerjaan Buat Operator Motor Baca

Kamis, 9 Januari 2025 - 12:59

*Pedagang Selesai Direlokasi, Pasar Ciparay Segera Groundbreaking*

Rabu, 8 Januari 2025 - 12:10

Belum Ada Blangko KTP dari Pusat, Aktivasi Identitas Kependudukan Digital Solusi Pengganti KTP

Sabtu, 4 Januari 2025 - 01:23

Legislator Dadang Hermayana Dorong Program Stunting Menurun

Minggu, 29 Desember 2024 - 08:28

Ketua DPRD Renie Rahayu Peluk Erat Anak-Anak Thalasemia di Majalaya 

Berita Terbaru