Ku: Aris Kumetir
“PAÉHAN, paéhan”. Éta geus ngaharéwos deui. Maneuh norojol nalika karudet nalikung sakujur pipikiran. Nu ngajenggutan uteuk, ngaheumpikan haté. Baluweng nu tuluy moékan sorangeun. Bangun apal iraha kudu datang. Nambag sakitu biwir teu kalis ku sisinglar sangkan raga teu tisolédat. Mumuntang. Ngan beuki ka dieu sorana bet matak dédéngéeun. Halimpu. Najan jirimna weléh teu kapanggih nepi ka danget ayeuna. Sakapeung sok panuju kana haréwosna. Balati jeung cucunduk téh geus ngajagrag hareupeun. Tinggal milih. Ngiker jerona harigu ti tukang nepi ka jajantungna. Dikeupeul ti pepereket nunggu balangah. Ngan karék tilu léngkah kawas aya nu ngenyed, tuur bet ngaroroncod. Tuluy nyarandé kana dingding. Biwir ngunyem sisinglar. Naha manéh matuh ngaharéwos? Ari aing saha? Ari manéh saha? Aing, manéh, pan sarua ngageugeuh di dieu. Dina raga aing jeung.. manéh.
“Mun teu wasa, meunggeus maéhan manéh..” Asa leuwih halimpu. Teuing di mana jirimna.
Énya, mending maéhan manéh sangkan euweuh deui nu ngaharéwos.
***
Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda(FBS), 27052022
Ngeunaan Fikminer:
Aris Kumetir gumelar di Rancah, 26 April 1977. Dumuk di Kampung Pamoyanan, Garut. Ayeuna ngokolakeun WD, Kaolahan Mang Aris.