PAMALI Bagéan ka-8

- Penulis Berita

Selasa, 7 Juni 2022 - 07:54

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

CARNYAM

Ku: Neng Gina

“Tuh, kabeneran Si Sujang datang!”
“Cenah arék ulin manéh téh Sujang, gening kalah balik deui?” ceuk Ma Omoh bari nyampeurkeun ka lawang panto.

“Assalamualaikum,” Duseng asup ka imah bari ngélék hélm anu bieu dibuka satutas turun tina motor. “Enya, Ma. Nu sanésna aya halangan, janten teu cios arangkatna téh.”
“Aéh, gening aya Yanti.” ceuk Duseng bari nunda hélm kana erak. Laju ngadeukeutan Yanti.
“Waalaikum salam, muhun A, kumaha damang?” Yanti ngawalon bari ngajak sasalaman.
“Cageur Alhamdulillah, kumaha Yanti séhat?”
“Alhamdulilah.” témbal Yanti pondok.
“Sok wé nya, Aa mah rék ka jero heula.” ceuk Duseng bari ka asup ka kamarna.
“Ema, sanés kirang sono, abdi badé aya peryogi heula, ieu mah tamba henteu teuing, hatur lumayan sakedik séwang.” ceuk Yanti bari ngasongkeun kantong anu dibawana. Terus gura-giru balik, sigana meureun asa teu paruguh rarasaan.

“Na atuh meni rurusuhan teuing? Néang heula sangu kadituh geura!” Ma Omoh nyarita bari nampanan kantong.
“Sanés waktos, Ma, kin kadieu deui, Assalamualaikum.” ceuk Yanti bari kaluar.
“Waalakumsalam,”

Saenggeus Yanti indit, Duseng kaluar ti kamarna.

“Rék naon Yanti kadieu, Ma?” ceuk Duseng bari gék diuk gigireun indungna.
“Hayang amprok wé cenah jeung Ema,” ceuk Ma Omoh bari ngahuapkeun korma.
“Oh.”
“Lain Sujang, ceuk Yanti téh Ujang kawin deui, matak Yanti ménta diserahkeun ogé.”
“Ceuk saha cenah, Ma?”
“Kolotna bébéja ka Yanti yén hidep geus kawin deui,”
“Berarti kolotna Yanti anu hayang Kuring papisah téh meureun. Ngan keun waé kétang ukur nepi ka dinya wé meureun jodo Kuring jeung Yanti téh. Katambah asa capé rarabi téh diatur waé ku kolot mah.”
“Nya, kumaha manéh éta mah. Arék ngahiji deui sukur, henteu ogé atuh keun waé da anu ngalakonan mah hidep lain Ema, pait peuheurna hidep anu ngarasakeun. Éh, lain arék ulin ka laut tadi téh? Naha ukur sakeudeung?” Ma Omoh nyalénggorkeun obrolan.
“Teu tulus ma, pamajikan si Ahmadna karasa beuteung cenah, rék orokan.”
“Paingan. Ari hidep acan hayang rarabi deui atuh, piraku Ema moal mangku incu heula? Buru-buru geura kawin deui bisi Ema kaburu paéh.”
“Ulah waka atuh, Ujang jeung saha lamun Ema maot mah?”
“Heueuh, matak geura kawin deui ambéh aya anu ngawulaan.”
“Aya éta ogé cintengan mah, geus daékeun.”
“Alhamdulilah, geura bawa atuh kadieu, urang mana deuih?”
“Urang deukeut, Ema ogé wawuh.”
“Baruuuk, saha deuih?”
“Rahasiah …,” ceuk Duseng bari ngampih deui ka kamarna.

Yanti leumpang rurusuhan muru ka imahna, hayang buru-buru nanyakeun ka kolotna, naha bet ngabohong ka manéhna? Datang ka imah, kolotna nyampak areuweuh. Blus Yanti asup ka kamarna, gap kana HP tuluy dibuka. Aya sababarahiji panggilan tidak terjawab, ditempo nomerna horéng ti Sultan. Rék nelepon balik sieun ngambek da geus dipapadonan lamun teu ditelepon ulah nelepon ti heula.

Tungtungna mah muka FB, katempo Duseng keur online. Jorojoy Yanti aya pikiran hayang ménta dihampura. Manéhna ngarasa salah teu asak jeujeuhan, ujug-ujug ménta diserahkeun bari teu nanya heula ka Duseng. Yanti muka messenger tuluy ngainbox Duseng.

“Assalamualaikum,” ngadagoan rada lila eweuh balesan.
“Waalaikumsalam, sareng saha ieu?”
“Yanti, A, kumaha damang?”
“Oh, Yanti. Alhamdulilah séhat, samulihna atuh?”
“Alhamdulilah abdi ogé séhat, A. Hapunten abdi teu asak sasar, ujug-ujug nyuhunkeun diserahkeun, abdi teu terang atos dibohongan ku sepuh abdi.”
“Dihapunten pisan, teu sawios, atos kudu kitu takdir urang kudu papisah ku jalan kitu.”
“Alhamdulilah ari Aa ngahapunten mah, di doakeun ku abdi cing kénging jodo anu bageur, anu soléh anu nyaaheun ka Ema sareng Aa.”
“Aamiin, Yanti ogé didoakeun ku Aa cing kénging anu soléh sareng bageur tur nyaah.”
“Aamiin, hatur nuhun Aa.”
“Sami-sami.”

Geus ngainbox mah haté Yanti ngemplong, kari mikiran anu dina jero beuteungna kudu kumaha ka hareupna.

Kulutrak sada aya anu muka panto hareup, Yanti buru-buru kaluar, katingali indung bapana daratang. Duka geus ti mana da ribrib ngajingjing kantong kénca katuhu.

“Mulih ti mana, Ma?”
“Tos balanja. Bapa jeung Ema hayang sukuran hidep geus mulang.”
“Oh,”

Yanti arèk nanyakeun naon sababna pangna ngabohongan manéhna, ngan asa teu téga, nempo kolotna keur bungah.
***

(hanca)

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 16 April 2025 - 10:05

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:54

Bupati Bandung: Pembangunan Fly Over Jalan Rancaekek-Majalaya Sudah Diusulkan ke Provinsi Jabar

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:49

Kang Ali Syakieb Tegaskan Peredaran dan Penyalahgunaan Narkoba Kejahatan Luar Biasa 

Berita Terbaru

BEJAKEUN

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 16 Apr 2025 - 10:05